Inget mangsa katukang, yen putusna silaturahmi kuring jeung manehna, alatan telepon. Nya dina telepon pisan muragkeun basa nu tungtungna papisah. Papisah salawasna.
Aya kasedih, aya kakeuheul ka telepon teh. Coba lamun teu aya telepon, moal aya pacongkedan, moal aya masalah. Masalah leutik moal jadi gede. Ku alatan telepon sok silih otelan. Da kesel lamun teu otel, na tungtungna masalah leutik jadi gede, nu antukna papisah.
Tapi, ku jalaran telepon oge, kuring ngahiji.
Biasa, nu awalna nanya basa basi, nu akhirna jadi deukeut beneran. Ngahiji. Pacantel ati, nepi ka tahunan.