Gunem Catur : Minyak Goreng Langka jeung Mahal

- Senin, 31 Januari 2022 | 14:25 WIB
Mang Tarja jeung Ceu Neneng (Ilustrasi Dodi/TiNewss)
Mang Tarja jeung Ceu Neneng (Ilustrasi Dodi/TiNewss)

MANG TARJA keur nyuruput kopi Rancakalong kiriman ti Jang Usman basa Ceu Nining pamajikanna mulang ti supermarket. Ceu Nining tembong jiga nu ngemu kakeuheul.

“Kunaon, Beb, mulang balanja teh bangkenu kitu? Senyum dong,” cek Mang Tarja bari heureuy. Dina hatena langsung ngajudi, pamajikanna teu hasil meuli minyak goreng atau lisah kalapa.

“Baku amang mah ari heureuy teh,” bari angger manyun, gek diuk emok maturan salakina. “Ieu puguh, minyak goreng can aya keneh di supermarket. Jadina setokna di dapur ngan aya sakiloan deui,” pokna.

Baca Juga: Empat Pesepakbola Keturunan dalam Proses Naturalisasi, Ini Harapan Shin Tae-yong

Bener sangkaan Mang Tarja. Pamajikanna keuheul alatan minyak goreng.

“Lah, rineh we atuh. Nyai mah kawas lain pamajikan akang wae.

Ari aya keneh setok mah teu kudu riweuh. Pan isukan, 1 Februari pamarentah mimiti  rek nerapkeun harga minyak kalapa anyar nu disaruakeun. Akang ngajamin, isuk mah minyak goreng aya deui di minimarket jeung supermarket,” pokna.

Baca Juga: Covid Melonjak, Ini Harapan Anggota DPR Rahmad Handoyo kepada Masyarakat!

“Harga minyak kalapa sarua kumaha ari Akang?

“Ih, kieu nyai. Cek pamarentah, isuk harga minyak goreng bakal disaruakeun. Pamarentah oge mere jaminan minyakna bakal rea. Mun kosong keneh, pamarentah pasti moal cicingeun,”  ecesna.

“Jadi sabaraha, Akangna?”

“Ti mimiti isuk, harga minyak goreng teh dibagi tilu, Nyi. Minyak goreng curah Rp 11.500 saleter, minyak goreng bungkus basajan Rp 13.500 saleter, terus minyak goreng bungkus premium Rp 14.000 saleterna,” pokna.

Baca Juga: Kemenag Keluarkan Aturan Perayaan Imlek, Inilah Aturannya

“Haar, karek apal Nyai mah, Akang. Boa nya nu abreg-abregan balanja minyak kalapa teh lantara teu apal tanggal 1 Februari rek diterapkeun harga minyak goreng sarua jeung rada murah?”

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Sesuai Kemampuan

Sabtu, 10 Desember 2022 | 12:05 WIB
X