Ibu Kota Nusantara jeung Pemulihan Ekonomi Nasional

- Minggu, 23 Januari 2022 | 20:06 WIB
Mang Tarja (Ilustrasi TiNewss)
Mang Tarja (Ilustrasi TiNewss)

"Kunaon jiga keur uleng mikir, Mang? Mikiran Ambu nu keur piknik ka Pangandaran? " ceuk Jang Ading ka Mang Tarja.

"Lain mikiran si Ambu euy.  Ieu keur mikiran Ibu Kota Nusantara nu rek diwangun di Kabupaten Penajam Paser Utara, Kaltim. Asa teu ngarti mamang mah.  Teu ngarti ku nu dibendo... " tembal Mang Tarja bari menerkeun iketna.

"Tah tah tah,  kumaha kitu, Mang? "

"Ieu geura euy.  Pamarentah teh pan rek nyieun puseur kota anyar, ngaranna Kota Nusantara..."

"Enya,  Mang.. Terus? "

"Tah tadi mamang maca dina online, keur ngawangun Kota Nusantara teh nagara butuh waragad satengah kuadriliun atawa Rp 466 triliun," Mang Tarja ngeceskeun.

"Nya keun wae atuh Mang, asal waragadna aya we, " cek Jang Ading.

"Nya heueuh aya ari waragadna mah...Ngan eta euy, cek Ibu Menteri Keuangan waragad keur ngawangun Ibu Kota Nusantara teh sawareh rek nyokot tina anggaran Pemulihan Ekonomi Nasional (PEN) nu gedena Rp 455,62 triliun," cek Mang Tarja.

"Haaar? Sabaraha cenah Mang nu rek dipakena? "

"Gede, Jang, Rp 178,3 triliun! Ku kituna, moal salah Jang,  bakal rea anggaran keur ngomean ekonomi nu kacongcay...Boa program keur ngaraharjakeun rahayat ge kapake... " ceuk Mang Tarja bari gogodeg.

"Ke Mang, mun kitu mah pamarentah ngarempak paraturan atuh? Mun teu salah uing maca, waragad PEN teh murni keur mayungan masarakat salila pagebug corona.... " cek Jang Ading. 

"Pinter geuning Ujang Ading teh. Bener euy,  PEN teh memang keur eta pisan, luyu jeung Perppu Nomor 1 Tahun 2020 atau UU Nomor 2 Tahun 2020 Pasal 11.

Cindekna,  cek eta Perppu,  Program PEN antarana keur nangtayungan jeung ngaronjatkeun kamampuan ekonomi nu arusaha dina rupa-rupa sektor, " cek Mang Tarja.

"Bakal riweuh boa Mang mun kitu mah, " cek Jang Ading.

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Sesuai Kemampuan

Sabtu, 10 Desember 2022 | 12:05 WIB
X