West Java Paragliding World championship 2019, kabeneran tempatna téh di tonggoheun lembur pisan. Ku alatan éta dikersakeun panggih jeung Stephanie, lain pamilon tapi salaku official team ti nagarana.
Dina hiji kasempetan, manéhna daékeun diajak ngobrol. Bongan atuda katempo keur diuk nyorangan di luareun kalangan.
"Excuse me, may i join with you?"
"Of course, come and sit beside me!" témbalna bari malédogkeun imut.
Bungah, nangénan sikepna nu soméah. Tungtungna mah uplek ngobrol ngalér-ngidul bangun taya tangara dua jalma nu panggih kakara.
Salila event lumangsung, unggal rék ka Batu Dua téh manéhna sok ngiberan jeung ngajak panggih deui di tempat biasana. Ngan hanjakal, ukur sakeudeung alatan nyelang dina mangsana rinéh wungkul. Kungsi kétang, sababaraha kali ngalaman uplek ngobrol téh basa jangjian di Taman Endog jeung di alun-alun Sumedang.