• Minggu, 5 Desember 2021

Urang Ngojay Ka Girang

- Minggu, 7 Maret 2021 | 23:23 WIB
Ngojay Ka Girang
Ngojay Ka Girang

Ari cai murag ti langit, atuda geus kuduna kitu. Ari cai di jero walungan palid ti mimiti sirah cai di puncak gunung terus mapay walungan nepi ka laut, éta ogé geus sunatullahna kitu. Kabéh tunduk ka hukum gravitasi. Naon akibatna? Gampang ngajawabna, nyaéta lamun urang rék ngojay ka girang meureun urang téh bakal ngalawan hukum alam ku ayana gravitasi bumi. Lamun tanaga urang keur “ngojay ka girang” di hiji walungan téh kurang kuat ngalawan arus éta cai walungan, bororaah urang bisa nepi ka girang, dina waktu teu lila ogé meureun urang malahan bakal palid kabawa ku cai walungan ka lebah hilir. Lamun urang teu bisa ngojay, urang bakal kabawa palid ka hilir walungan bisa-bisa urang bakal kaleungitan nyawa.

Naon atuh hartina pangajak “urang ngojay ka girang”? Naha pangajak ieu pangajak anu teu asup akal atawa pangajak anu rék mawa ka dunya anu teu pararuguh?

Pangajak urang “ngojay ka girang” ieu téh ajakan ngobah budaya. Ieu siloka yén harti budaya téh urang mimiti ti pamahaman alam kayakinan, alam pikiran jeung alam rasa urang sararéa. Lamun urang dibéré saguluntung kai naha ieu kai téh rék dijieun suluh waé, rék dijieun tihang, rék dijieun patung atawa dijieun ukiran kawas kabiasaan anu kasampak di Bali? Pilihan-pilihan éta bakal dipangaruhan ku alam budaya urang. Anu panggampangna, teu kudu maké pikiran anu bisa ngalieurkeun, nya prak baé éta guluntungan kai téh dijadikeun suluh. Tapi, lamun urang aya kadaék keur naékeun saeutik éta pamangpaatan kai ka hambalan nu rada luhur di alam budaya, alam seni, alam kreatifitas, nya akal-budi urang téh bakal nepi ka saluhureun pilihan nyieun guluntungan kai saukur ngan jadi suluh. Kasus saperti naékna éta akal-budi ti suluh ka saluhureun suluh bisa disebut kajadian transformasi budaya.

Naha “ngojay ka girang” bisa dihartikeun siloka transformasi budaya?

Ari cai anu palid di walungan asalna ti mana? Meureun gunung-gunung téh kudu dieusi ku cai anyar lamun urang hayang boga walungan pinuh ku cai sapanjang taun atawa sumur-sumur urang teu kungsi ngalaman saat salilana. Sarua baé dam Jati Gede ogé bakal aya caina lamun terus kaeusi ku cai anyar anu cukup. Jadi, ti mana datangna cai anyar téh?

Cai anyar tangtu datangna ti laut, ti walungan, ti balong, sawah, ti sakabéh tatangkalan jeung ti sakabéh daratan jeung sumber cau séjéna. Ayeuna cai geus ganti rupa nyaéta ti rupa cai anu katempo ku panon urang jadi cai ngawujud saab cai anu teu katempo ku panon urang. Ujug-ujug baé panon urang nempo aya méga hideung di luhureun Gunung Tampomas. Teu lila ti éta terus urang nyaksian aya hujan turun. Jadi, bari teu katempo ku panon urang, saab cai naraék ka luhur nyieun méga. Sabenerna mah lain ngan saukur saab cai anu naraék ka luhur téh tapi mahluk anu teu katempo ku panon urang ngilu naraék ogé. Manéhna anu biasa disebut baktéri. Sarupaning tatangkalan, pepelakan, utamana mah leuweung geledegan bakal ngeusi méga ku baktéri-baktéri éta. Ari TPA di Gunung Tampomas bakal ngeusi méga ku baktéri-baktéri tadi? Tangtu bakal loba baktéri-baktéri haliber ti TPA ka méga-méga di Gunung Tampomas, ngan hanjakal bakteri anu haliber ka méga-méga di Gunung Tampomas anu asalna ti TPA Gunung Tampomas (cindekna di Cibeureum Wétan), mangrupa baktéri-baktéri anu bakal ngabayakeun bangsa manusa jeung mahluk lianna. Naon mangpaat baktéri-baktéri anu ngahiji jeung méga téh? Salah sahiji mangpaat utamana nyaéta anu biasa disebut bio-aerosol, nyae6ta mun baktéri teu hadir ngahiji jeung méga, saab cai bakal bisa jadi és mun temperatur sabudeur -80C atawa leuwih tiis deui. Tapi, mun bioaerosol loba ngahiji jeung méga, dina temperatur -30C ogé saab cai geus bisa ngabeku, terus jadi hujan.

Siklus cai ieu siloka keur siklus kahirupan urang sadaya. Siklus ieu bisa dihartikeun proses transpormasi kahirupan. Budaya bisa dihartikeun mesin parangkat lunak (software) keur ngajalankeun proses transformasi masyarakat. Ngojay ka girang bisa dilaksanakeun upama urang bisa ngawangun budaya transpormasi nurutan siklus cai anu dicaritakeun tadi.

Kabéh kahirupan boga sifat siklus. Ayeuna urang nyoba nerapkeun prinsip ngojay ka girang dina tataran ngawujudkeun kalimpahan pangan, kaséhatan lingkungan tur harkat darajat budaya urang anu mangrupa manusa.

Ngojay ka girang urang mimitian ti anu geus kasorang, nyaéta anu geus dilaksanakeun. Lamun urang geus seubeuh dahar, terus naon anu ku urang disésakeun? Runtah! Terus rék dikumahakeun éta runtah sésa kanikmatan urang téh? Ceuk budaya urang ayeuna éta mah pananya nu gampang jawabna: Piceun baé da engké ogé bakal aya anu ngangkut. Moal kapikir mun sakilo sésa dahareun urang bisa diendogan ku laleur anu jumlahna engké pas megar bisa leuwih ti 100.000 laleur!

Bayangkeun mun hiji laleur ngendogkeun 500 endog, 100.000 laleur anyar ngan merlukeun 200 laleur anu ngendog dina sakilo runtah sésa dahar urang tadi. 100.000 laleur haliber ka mana baé bari nepakeun sumber panyakit. Saha anu salah ku kajadian éta? Tangtu lain laleur anu salah da sabenerna mah laleur ngendog dina runtah te6h manéhna rék mantuan manusa keur ngaberesihan runtah tina baktéri-baktéri sumber panyakit. Tapi, ku jalaran urangna jorok, lain urang ngurus runtah atawa molah keur ngamangpaatkeun laleur mantuan urang tapi urang ngantepkeun laleur ka mana baé da urang ogé miceun runtah ka mana baé. Di mana martabat urang?

Lamun urang ayeuna nerapkeun budaya ngojay ka girang, nya urang téh bakal ngamimitian ku ngajalankeun pikiran yén ieu téh lain runtah sabab masih bisa dimangpaatkeun. Meureun urang bakal maréntah uteuk keur mikir; terus otak maréntahkeun leungeun urang supaya misah-misahkeun runtah organik jeung runtah anorganik, terus diteundeun dina wadah anu béda. Saterusna diolah supaya aya mangpaatna deui keur ngagemuk paré, sampeu, jeruk jeung pepelakan lianna. Lamun prinsip ieu diterapkeun di 270 désa jeung 7 kalurahan sa kabupatén Sumedang, meureun urang bakal meunang rébuan ton gemuk anu hadé ditambah deui meunang bilatung keur parab hayam, meri atawa lauk. Lamun rék dijieun ubar éta bilatung, hasil panalitian geus ngabéjaan, salah sahiji mangpaatna nyaéta keur ubar stroke. Subhanallah!

Ngojay ka girang tangtuna moal bisa dilakonan mun budaya urang poé ayeuna angger kénéh kawas budaya urang anu poé kamari. Bisa jeung kuat urang ngojay ka girang bisa kawujud mun urang bisa ngawangun budaya transfomasi kawas cai jadi saab cai tadi. Subhanallah laleur bisa dipaké “alat” keur ngawangun niat urang ngaganti runtah jadi barokah.

Muga-muga Alloh SWT maparin urang sadaya rakhmat, hidayah sareng innayah kanggo ngalalakon kapayun keur ngawujudkeun Sumedang Buludru bari jeung urang meunang hadiah warga Sumedang kualitasna unggul, lingkungan séhat tur kacipta sumber nafkah anu kacida gedéna ti asalna runtah. Tangtu urang Sumedang jadi conto manusa bermartabat. Amīn3x YRA.

Editor: Prof. Dr. Ir. Agus Pakpahan

Tags

Terkini

Solusi Tuntas Untuk Akses Listrik yang Masih Terbatas

Kamis, 25 November 2021 | 22:40 WIB

Narasi Mobil Listrik Ala Ahok

Rabu, 24 November 2021 | 11:25 WIB

Efektivitas OPOP Bagi Pesantren

Jumat, 12 November 2021 | 17:52 WIB

Sekilas Gamelan Parakansalak

Selasa, 9 November 2021 | 14:31 WIB

Pahlawan Nasional Cut Nyak Din Dalam Pengasingan

Senin, 8 November 2021 | 23:45 WIB

Innalillahi, Saipul Jamil ……

Selasa, 7 September 2021 | 08:10 WIB

Pembelajaran Tatap Muka di Masa Pandemi COVID-19

Minggu, 29 Agustus 2021 | 12:00 WIB

JATINANGOR Nukleus Kota Metropolitan BANDUNG

Selasa, 13 April 2021 | 03:17 WIB

Kapan dan Siapa Yang Wajib Shaum Ramadhan

Jumat, 9 April 2021 | 23:26 WIB

Waduh, Mudik Dilarang Lagi

Minggu, 28 Maret 2021 | 14:53 WIB

Urang Ngojay Ka Girang

Minggu, 7 Maret 2021 | 23:23 WIB

Memulai Sebuah Bisnis, Cukupkan Niat!

Selasa, 2 Februari 2021 | 12:11 WIB

Peringatan: Jangan Sampai Anda Kena COVID-19, Aib!

Minggu, 27 Desember 2020 | 14:29 WIB

Mendefinisikan Kebijakan Sekolah Off Line

Minggu, 29 November 2020 | 09:33 WIB

Belajar Sejarah Belajar Menghormati Jasa Orang Lain

Rabu, 23 September 2020 | 14:49 WIB

Reformasi Energi Listrik, PLN Harus Ada pesaing

Senin, 13 Juli 2020 | 13:12 WIB
X